PEDARAN SISINDIRAN
PANGJAJAP
Étang-étang ngiring
jabung tumalapung sabda kumapalang, sim kuring seja ngaguar perkawis
sisindiran. Nanging neda dihapunten, kalayan teu gaduh maksad mapatahan ngojay
ka meri.
Nu dipiharep malah
mandar sasieureun-sabeunyeureun janten nambihan pangaweruh ngeunaan sastra
Sunda hususna sisindiran, utamina kanggo nu teu acan uninga naon ari
sisindiran. NYANGGAKEUN....!
SISINDIRAN
Sisindiran nyaéta
karya sastra (Sunda) anu diwangun ku cangkang jeung eusi, masing-masing
dalapan engang (B. Ind; suku kata). Dina umumna, sisindiran
diwangun ku opat padalisan/jajar (dua padalisan cangkang jeung dua padalisan
eusi).
Conto Sisindiran nu
diwangun ku opat padalisan:
Ma-nuk rang-kong jeung
ka-sin-tu (8 engang)
ti-ku-kur ma-cok-an
ku-nyit (8 engang)
bu-uk gon-drong ré-a
ku-tu (8 engang)
di-cu-kur teu bo-ga
du-it (8 engang)
Padalisan kahiji (manuk
rangkong jeung kasintu) jeung padalisan kadua (tikukur macokan kunyit),
disebutna cangkang. Sedengkeun padalisan katilu (buuk gondrong réa kutu)
jeung padalisan kaopat (dicukur teu boga duit), disebutna eusi.
Lamun seug
dipasing-pasing, sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta paparikan, rarakitan
jeung wawangsalan. Kajaba wawangsalan, paparikan jeung rarakitan téh pada-pada
diwangun ku opat padalisan sarta masing-masing dalapan engang.
Kiwari réa sisindiran
anu ngan diwangun ku dua padalisan (kawas wawangsalan), bari dina masing-masing
padalisan henteu ngagunakeun patokan dalapan engang. Kawasna waésisindiran nu
kitu téh nyonto kana tatarucingan jaman baheula. Sabab dina seuhseuhanana,
tatarucingan jaman baheula gé méh sarimbag jeung sisindiran.
Conto tatarucingan
jaman baheula:
Cingkuk Cingkul (ucing
ngaringkuk dina pamikul).
Toktar mangandeuh (tai
kotok dina gantar nanggeuh).
Tina tatarucingan
jaman baheula kawas conto di luhur, tungtungna réa sisindiran anu diwangun ku
dua jajar, saperti borondong garing (dirongkong kaburu nyaring), bandrék
bajigur (anu pendék gedé bujur), Titik Sandora (budak
leutik gedé sora), Bengawan Solo(parawan jomlo), bonéka cantik
dari India (sangu saeutik ku saréréa), kaasup toroktok
olé-oléan, jeung réa-réa deui.
Conto Sisindiran
kiwari anu ngan diwangun ku dua jajar:
Jaka Sembung mawa
areuy
Teu nyambung euy...
Mawa és dikéleran
SMS teu diwaleran.
Nyimpen bilik sisi
kulah
Rék balik ah...
Jeung réa-réa deui
Paparikan
Parik atawa parek
hartina téh deukeut. Padeukeut. Maksudna antara cangkang jeung eusi téh
diwangun ku kecap-kecap anu sorana padeukeut alias murwakanti. Sisindiran anu
di luhur gé kaasup kana paparikan, kawantu padeukeut.
Conto paparikan:
Daun paré rawing
garing
siki gedang dikorangan
mun saré tong peuting
teuing
bisi hudang kabeurangan.
Tina kecap “daun paré”
(cangkang) kana kecap “mun saré” (eusi) téh apanan padeukeut. Murwakanti. Kitu
deui tina kecap “siki gedang” kana kecap “bisi hudang”.
Rarakitan
Sarakit hartina
sapasang. Munding sarakit, upamana. Jadi rarakitan téh nyaéta sisindiran anu
puhu kecapna papasangan.
Conto rarakitan:
Mun acan meuli
calana
moal waka meuli
samping
mun acan jadi sarjana
moal waka hayang
kawin.
Kecap “mun acan” dina
padalisan kahiji téh kapanggih deui dina padalisan katilu. Kitu deui kecap “moal
waka” dina padalisan kadua anu kapanggih deui dina padalisan kaopat. Écés
sapasang-sapasang.
Conto rarakitan
séjénna deui:
Batur mah jalan ka
Dago
abdi mah muter Jatayu
batur mah mareunang
jodo
abdi mah angger teu
payu.
Lamun seug henteu
papasangan kawas dua conto rarakitan di luhur, aya deui anu puhu kecapna sarua
atawa papak.
Conto rarakitan anu
kecapna sarua atawa papak:
Sok hayang nyaba ka
Bandung
Sok hayang nyaho
nanjakna
Sok hayang nanya nu
pundung
Sok hayang nyaho
nyentakna.
Wawangsalan
Paparikan jeung
rarakitan mah dina umumna diwangun ku opat padalisan. Sedengkeun wawangsalan
mah ngan diwangun ku dua padalisan, pada-pada dalapan engang.
Conto wawangsalan:
Walungan di Kota
Bandung
abdi undur sanés
pundung.
Padalisan kahiji (walungan
di Kota Bandung) téh henteu béda ti hiji tatarucingan, anu jawabanana
baris kapanggih dina padalisan kadua. Jadi anu dimaksud walungan di
Kota Bandung téh nyaéta Cikapundung, anu kanyahoan tina kecap
“pundung” dina padalisan kadua.
Conto wawangsalan
séjénna deui:
Buuk palsu dijualan
Henteu hadé
ruwag-rewig.
(wangsalna téh henteu
salah, nyaéta wig).
Eusi Sisindiran
Ditilik tina eusina,
sisindiran téh aya tilu rupa. Nyaéta anu eusina piwuruk, silih asih jeung
sésébréd (heureuy).
Conto sisindiran
eusina piwuruk:
Daun jambu siki huni
jambu médé kembang
jaat
mun dibaju masing buni
teu hadé katémbong
orat.
Anak kuya di sagara
aya bogo dina batu
di dunya urang
ngumbara
tong poho nu lima
waktu
Conto sisindiran anu
eusina silih asih:
Samping hideung dina
bilik
kumaha nuhurkeunana
abdi nineung ka nu
balik
kumaha nuturkeunana.
Sapanjang jalan
Soréang
moal weléh diaspalan
sapanjang tacan
kasorang
moal weléh diakalan.
Conto sisindiran anu
eusina sésébréd:
Rincik rincang-rincik
rincang
angeun lompong
ditutuan
sidik pisan-sidik
pisan
nu ompong euweuh
huntuan.
Wéra jangkung daun
cabé
séréh lamping ditalian
éra tepung jeung Pa
Lebé
méméh kawin geus
eusian.
Cag.
Balébat, 30 Juni 2011
I. Firmansyah
Caraka Sundanologi
(Dicutat tina buku
SISINDIRAN, H. Adang S.- Caraka Sundanologi, 2011)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar