KARAJAAN SUNDA
Karajaan Sunda
Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah
Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua
jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591
Caka Sunda (669 M). Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda oge
ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan
Lampung nikah jeung putera mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti
bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.
Sajarah
Saméméh ngadeg salaku
karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja
Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa
Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi
Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana
awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua,
Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Jayanasa, nu salajengna ngadegkeun
karajaan Sriwijaya. Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag
ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun
(612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh
nu mandiri. Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun
karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda,
sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun
raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira
18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta
walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).
Karajaan kembar
Putra Tarusbawa nu
cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri,
Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi
ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan. Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan
Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh
ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang
Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui. Pikeun
neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732
Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling,
Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku
putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.
Rahyang Tamperan
ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka
dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh
sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana
Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana
mah ti taun 759.
Ti Déwi Kancanasari,
turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan
Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783)
maké gelar Prabhu Hulukujang. Kusabab putrana istri, Rakryan Medang
ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi
(ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795).
Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda
lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara)
nu ngawasa salila 24 taun (795-819). Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag
ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh,
806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu
Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus
(kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.
Sapupusna Rakryan
Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan.
Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan
(895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti.
Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading
(913). Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng
direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28
taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun
dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra
Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Ti Limburkancana, kakawasaan
Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku
sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna,
Rakryan Jayagiri (973-989).
Rakryan Jayagiri
ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun
ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan
diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri
Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti
Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).
Ti Sri Jayabhupati,
kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu
minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun
ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma
(1156-1175). Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka
purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297).
Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng
mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat
munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.
Sapupusna Dharmasiksa,
kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu
Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng
digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun
(1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Kusabab
putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna
Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350).
Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja
Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di
Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana --
Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k
Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).
Prasasti Kawali di
Kabuyutan Astana Gedé, Kawali, Ciamis.
Sapupusna Prabu
Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu
lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna
Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu
dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal
Sunda). Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur
pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati.
Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana
ngawasa kénéh di wewengkon wétan.
Ti Nay Ratna
Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu
Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).
Susuktunggal jeung
Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra
Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda
jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja).
Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa
(1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti
(1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu
Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin
karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang
ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi
ka ngaruntagkeun kakawasaanana.
Raja-raja Karajaan
Sunda
Di handap ieu runtuyan
raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran
Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):
- Tarusbawa (minantu
Linggawarman, 669 - 723)
- Harisdarma, atawa Sanjaya
(minantu Tarusbawa, 723 - 732)
- Tamperan Barmawijaya (732 -
739)
- Rakeyan Banga (739 - 766)
- Rakeyan Medang Prabu Hulukujang
(766 - 783)
- Prabu Gilingwesi (minantu
Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
- Pucukbumi Darmeswara (minantu
Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
- Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon
(819 - 891)
- Prabu Darmaraksa (adi beuteung
Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
- Windusakti Prabu Déwageng (895
- 913)
- Rakeyan Kamuning Gading Prabu
Pucukwesi (913 - 916)
- Rakeyan Jayagiri (minantu
Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
- Atmayadarma Hariwangsa (942 -
954)
- Limbur Kancana (putra Rakeyan
Kamuning Gading, 954 - 964)
- Munding Ganawirya (964 - 973)
- Rakeyan Wulung Gadung (973 -
989)
- Brajawisésa (989 - 1012)
- Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
- Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
- Sri Jayabupati (Detya Maharaja,
1030 - 1042)
- Darmaraja (Sang Mokténg
Winduraja, 1042 - 1065)
- Langlangbumi (Sang Mokténg
Kerta, 1065 - 1155)
- Rakeyan Jayagiri Prabu
Ménakluhur (1155 - 1157)
- Darmakusuma (Sang Mokténg
Winduraja, 1157 - 1175)
- Darmasiksa Prabu Sanghyang
Wisnu (1175 - 1297)
- Ragasuci (Sang Mokténg Taman,
1297 - 1303)
- Citraganda (Sang Mokténg
Tanjung, 1303 - 1311)
- Prabu Linggadéwata (1311-1333)
- Prabu Ajiguna Linggawisésa
(1333-1340)
- Prabu Ragamulya Luhurprabawa
(1340-1350)
- Prabu Maharaja
Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
- Prabu Bunisora (1357-1371)
- Prabu Niskalawastukancana
(1371-1475)
- Prabu Susuktunggal (1475-1482)
- Jayadéwata (Sri Baduga
Maharaja, 1482-1521)
- Prabu Surawisésa (1521-1535)
- Prabu Déwatabuanawisésa
(1535-1543)
- Prabu Sakti (1543-1551)
- Prabu Nilakéndra (1551-1567)
- Prabu Ragamulya atawa Prabu
Suryakancana (1567-1579)
Hubungan jeung Éropah
Karajaan Sunda geus
lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah.
Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis.
Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina
pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda
Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina
nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti
karajaan Sunda.
Rujukan
- § Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.
- § Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.
- § Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
- § Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar